Rupa-rupa Papakean

Ambet :

Pakean orokj, pamungkus beuteung, sok disebut oge gurita.

Angkin :

Beubeur tina kaen, panjangna 5-7 meter sarta rubakna antara 25-30 cm, oge sok dipake bebengkung

Apok :

Pakean pikeun nutupan beuteung nepi ka wates pingping, wanguna satengah buledan, sok dipapaes ku payet jeung mute, sarta biasana dipake kunu ngibing.

Baju kurung :

Baju panjang pikeun lalaki nu teu make sambleh.

Baju Sikepan :

Baju dines jaman baheula

Baju takwa :

Baju bedahan anu sok dipake dina upacara adat atawa acara resmi.

Ban :

Kaen anu nyambungkeun sisi-sisi kabaya lebah dada, biasana dipegeuhan ku panitih atawa kancing cetet.

Batik :

Jenis kaen anu make gambar, tutulisan atawa cap anu mandiri. Batik biasana sok dipake samping kebat atawa iket. Kabehdieunakeun sok dipake baju jeujg calana.

Batis :

Kaen ipis nu sok dipake pikeun puring (panglapis bagean jero)

Bebengkung :

Beubeur panjang tina kaen nu sok dipake pikeun meungkeut beuteung nu kakara ngalahirkeun.

Bedahan :

Baju lalaki anu dijieun tina wol pikeun acara acara resmi. Bedahan osok oge disebut jas, sarta sok dipake sasetel jeung pantalon

Bedahan Sisi :

Bedahan anu make saku diluhur sarta kancingna dipasang di beh kenca

Bedaha tengah :

Bedaha anu make tilu saku sarta kancingna dipasang ditengah tur make kerah nangtung.

Bendo :

Iket anu dicitak, bahana batik pakeeun lalaki, sok disebut oge udeng.

Benten :

Beubeur tina emas, perak, suasa atawa logam sejen nu disambung-sambungkeun, sok disebut oge pending. Benten tina kaen disebut stagen.

Berego :

Samodel cadar anu dijieun tina kaen atawa untunan benang, dipake ku awewe.

Beubeur :

Pameungkeut dina cangkeng, sok disebut oge sabuk.

Blus :

Baju awewe samodel kameja anu teu make kancing.


About this entry