Sunda Teh Lain Kirata Sumuhun Dawuh

Mang Osam

 

Moal rek ditataan hiji-hijina komo bari di adu renyomkeun terminologi Sunda teh naon hartina, mun enya mah ngarti tanyakeun bae ku hidep kahidep, pasti jawabna aya di hidep jeung karasa ku hidep bakal leuwih nyerep, leuwih anteb, leuwih leleb nyeceb nanceb dina angen nepi kana embun-embunan. Nu jadi matak harendeg, tangtungana urang Sunda, getihna getih Sunda tapi teu ngarasa jadi Ki Sunda, malah beh dituna jiga nu era ngakuna; Sok sanajan bungkeuleukan dedeg pangadegna, sacara anatomis jeung etnis sentris hamo saru, moal salah, teu bireuk pasti sundana! Ngan meureun, jigana atawa bias jadi teu nyunda, da dianggapna hese; Katambah taya kahayang, taya guampikeun mitembeyan, ngamimitian ngarayap, diajar miara, saeutikna malire. Malah bakal alus pisan lamun bisa milampah kalayan anteb leleb; Sabab kuduna mah boga ka era; Piraku ari bangsa deungeun bisa, kalayan daek turta reueus;Bisa ngulik, bisa neuleuman, malah tepi ka titeuleum pisan jadi “Nyunda”,ngaleuwihan Ki Sundana sorangan; Jeung teu eraeun deuih. Beu kacida, aneh bin ajaib tea!.

 

Kulantaran kitu pisan munasabah upama palebah ngajembaran jeung Ngamaknaan ajen Ki Sunda jadi deet, ukur semet ngajejeleh; Paling aeutik ukur mangkarunyakeun wungkul, malah beh dituna nepi kaaya nuwani nyebut kampungan sagala rupa; Pajar teh, teu bisa dipake nguji atawa ngaji sacara ilmiah,kaleuleuwihi nepi ka “Dipelesetkeun” (dikosewadkeun, digurawilkeun).

 

Sunda teh ukur dikiratakeun sumuhun dawuh! Hartina, sagala nurut, sagala dibikeun, sagala mangga, sagala ngiringan; Jiga-jiga nu teu boga karep, teu boga pamadegan, antukna sagala ngelehan, teu euleum-euleum nu boga kalakuan teu uni model kitu teh teu kurang teu leuwih iwal ti Ki Sundana sorangan keneh, urang keneh, kuring keneh, lain nu lian; Kacida teuing, ambuing-ambuing deudeuh teuing anaking kahade kasasar lampah, kasarung kalakuan, kasasab tatapakan, teu apal kadirina sorangan; Komo meureun, upama kadiri deungeun-deungeun; Cuang cieung nunggelis pahatulalis teu puguh laratanana.

 

Ari geus kitu kumaha atuh ? Ah nya teu kumaha, sakalian we urang gebruskeun, teu kudu di kosewadkeun jeung digurawilkeun sagala rupa; Eta kecap kirata Ki Sunda teh ulah sina ngajaul kitu atawa di antep jadi kirata “Sumuhun Dawuh”. Urang paksa bae ayeunamah kahareup jadi kirata “Sumuhun Daek”. Sangkan daek maju, daek dihareup, daek nolak mun ukur jadi ulon-ulon, daek bebela mun aya nu nyoba-nyoba ngarogahala, daek ngajaga mun aya nungadabah, daek ngajega mun aya nu teu mirosea, dimana perelu daek ngajago mun aya nu ngahaja rek nyo’o gado. Piraku sugan ari boga sikep model kitu mah, teu pada gimbir teu pada ngajenan ku sing saha bae jeung dimana bae; Utamana upama Ki Sunda keur makalangan melaan kasajatian ajen dirina sorangan. Nu kieu meureun bisa disebut revolusi ajen Ki Sunda teh. Naha matak dosa, matak jadi bangbaluh, jadi bibit buit pacengkadan? Bisa memang disebut teu basajan, teu lantip, teu malapah gedang malah boa dianggap teu puguh entep seureuhna, harib-harib kurang sopan, teu sabaran, malah bisa disebut kejot borosot getas harupateun. Tapi, upama teu dimimitian, teu digagalak, teu digerean, teu dieleketek, malah nepi ka teu digitik, dipecutan; Rek iraha jeung nepi kamana; Bakal jeung masih bisa ngarep-ngarep sekeseler sejen hideng sorangan, ngajenan, bari daek ngagehan, teu kokomoan da nunyata jeung nu karasa upama Ki Sunda diluhur didudut, di handap di tincak, meneran ditengah-tengah dihanca ku sarerea, nepi ka koredas taya nu nyesa, antukna boborot, pamustunganana tanpa daksa teu walakaya.

 

Jigana, merenah upama dijadikeun pibakaleun jeung pibekeleun padungdengan keur ngukur kasakten elmu panemu jampe pamake; Ngadu renyomkeun rarancang kuda-kuda, matotoskeun bongbolongan, bari sakalian nandeskeun mata holangna nu bakal bisa dijadikeun cecepengan ku sakumna Ki Sunda; Sangkan rampak dina rasa, raga, ratio jeung paripolah katut udaganana; Ti ayeuna nepi ka jaga,salawasna.

 

Naon margina ? Kapanan Sunda anu dikiratakeun “Sumuhun Dawuh” tea ogenan, sok sanajan ayeuna rek dipaksa dikiratakeun jadi “Sumuhun Daek” Bisa oge ngandung harti dina bab filosofi yen eta “Sumuhun Dawuh” teh nyampak ajen wawanen nu cadu nolak atawa teu wani nolak; Cirining Ki Sunda mah, lalakining langit lalanang jagat; Dimana batur teu wani Ki Sunda mah tagen, gilig, buleud malah tepi ka jadi tandon jeung tumbal ogenan loba buktina. Ngan hanjakal, lajuning lakuna ukur semet majoangkeun, ngagenah-merenahkeun deungeun wungkul, boh ku cara togmol atawa bisa jadi malah kabelejog; Karek sadar satutasna, bari ngan ukur bati ngahuleng ngaraga meneng.

 

Upama kitu kaayaanana, di tingali tina jihad filosofi tea; Kunaon eta ajen wawanen anu sakitu gedena, agungna, ngagulidagna jeung lain meunang nguyang teh, teu dipake ku urang sorangan ? Ku Ki Sunda keur Ki Sunda ! Rada anehlamun tea mah masih aya keneh rasa ham-ham, was-was turta hariwang kaleuleuwihi; Naha naon kurang jeung lemahna ari Ki Sunda ? Jeung ku naon bet jiga ngarorojok nu borok ? Upama tea mah memang bener aya kakurangan, kalemahan, rereged jeung sajabana ti eta; Naha bet kalah diantep, diboretekeun, didagangkeun lebah gorengna; Malah kituna teh ku Ki Sundana sorangan. Palangsiang, sekeseler deungeun ogenan, boa-boa leuwih loba kurangna tibatan Ki Sunda; Da bongan fitrahna manusa teu aya anu sampurna tea. Nu matak kitu, lebah dieu jeung wanci kieu Ki Sunda minangka kudu boga saku rangkepan atawa kudu bisa nganjang ka pageto ! Da bongan aya Ajen jeung filosofi Ki Sunda, meureun eta ajen jeung filosofi teh lain papaes wungkul, tapi kudu diteuleuman ku sarerea, ku sakumna manusa nu boga rasa rumasa jadi Ki Sunda; Beh dituna, di janggelekeun jadi ciri hirup-huripna Ki Sunda dimana bae, iraha bae jeung keur dina waktu atawa dina mangsa naon bae oge.

 

Nya mudah-mudahan bae sing laksana turta taya halangan harunganana.

 

 

 

 


About this entry