Prabu Guru Aji Putih

Prabu Guru Aji Putih

 

Kacaturkeun hiji Resi teurah Galuh anjog dihiji pakampungan di wewengkon Cipaku, gigir walungan Cimanuk, ayeuna ayana di Kampung Muhara, Désa Leuwihideung, Kacamatan Darmaja. Éta resi téh katelahna Prabu Guru Aji Putih.

Di wewengkon éta Anjeuna nyumebarkeun parubahan tata-kahirupan pandudukna, nepikeun ngarubah tata-pamaréntahan jeung masyarakat éta wewengkon nu cenahna geus aya ti béh ditu mula ku alpukahanna Prabu Agung Cakrabuana dina mangsa abad ka-dalapan.

Ku kamotékaran Prabu Guru Aji Putih, réa panduduk nu katarik nu mana ngajadikeun kakawasaan Prabu Guru Aji Putih ngalegaan nepi ka sapanjangna walungan Cimanuk nu antukna ngadeg karajaan Témbong Agung.

Prabu Guru Aji Putih tilar dunya, dikurebkeun di Astana Cipeueut, Desa Cipaku, Kecamatan Darmaraja. Permaisuri Prabu Guru Aji Putih, nyaéta Nyi Mas Ratu Ratna Inten atawa Nyi Mas Déwi Nawangwulan.

Ari Prabu Guru Aji Putih téh apuputra Tajimaléla téa [mun nurutkeun koropak 410, Tajimaléla téh sajaman jeung Prabu Raga Mulya (Panguasa Kawali) nu jeneng Raja dina antara taun 1340-1350].

Prabu Tajimaléla

Geus ilaharna jaman karajaan mah, nu neruskeun kakawasaan Prabu Aji Guru Putih téh putrana, nu teu lain teu saha, nyaéta Prabu Tajimaléla.

Ceuk cenah Carita Rahayat, dina jenengna Prabu Tajimaléla mah, kaayaan dina widang tatanén meni kacida majuna. Anjeuna meni merhatikeun pisan kana widang tatanén, ceukna ieu Cacarita Rahayat, harita téh di sapapanjangna walungan Cimanuk, teu weléh tatanén diwangun kalayan cara nu hadé kitu ogé ayana pamuseran paternakan di Paniis (Cieunteung) sumawonna dina parikanan di Pangerucuk (Situarja).

Dina mangsa kakuasaan Prabu Tajimaléla, aya kajadian macangah/barontak disabudeureun Gunung Cakrabuana nu dipupuhuan ku Gagak Sangkur. Ku kasakténana Prabu Tajimaléla reujeung kasatiaana wadya-balad Sang Prabu, ieu kamacangahan téh beunangna ditumpes nepikeun Gagak Sangkur sawadya-baladna tumurut-takluk ka Anjeuna.

Gagak Sangkur harita ogé masrahkeun diri pikeun ngabdi ka Prabu Tajimaléla. Ku kahadéan manahna Sang Prabu, Gagak Sangkur nu kuduna ditelasan atawa sakurang-kurangna diberok, ku Anjeuna mah malih di istrénan jadi Patih.

Ku kahadéan ahlakna Prabu Tajimaléla ieu reujeungna ku kasatiaan Patih Gagak Sangkur, rahayat Karajaan Témbong Agung kacaritakeun raharja-tingtrim ayana. Kaayaan ieu téh nyugemakeun pisan rahayatna sumawonna pikeun Prabu Tajimaléla mah. Kukituna dina mangsa harita, Anjeuna nalek ka Patih Gagak Sangkur pikeun nyelangan kakuasaan Prabu Tajimaléla dina sawatara waktu, nu mana maksud Sang Prabu, wirehing Anjeuna seja ngadeuheusan Gusti Pangéran pikeun nyampurnakeun élmu, kakuatan jeung pituduh ku jalan tatapa. Mun dina Cacarita Rayahat na mah, aya ungkaranana, kieu unina : “Sideku sinuku, tunggal mapat pancadria, diamparan boéh rarang, lelembutan ngajorang alam awang-awang, nyungsi angkeuhan nu canna katimu”

Katomperkeun heuleut sawatara waktu dina saacan réngsé éta tatapa, langit di sabudeureun Karajaan Témbong Agung caang ngumebyar dina tilu poéna, dina poé panustungana, Prabu Tajimaléla kaluar ti tatapana, terusna ngadawam : “Insun Medal Madangan” nu hartina “Kuring Aya/Kaluar Pikeun Nyaangan/Méré Pituduh”, Anjeuna saterusna medalkeun élmu nu disebut Élmu Kasumedangan, nu ayana dina 33 Pasal. Ti dieu pisan ngadegna Karajaan Témbong Agung téh kalandih jadi Sumedang Larang.

Prabu Pagulingan

Nu jadi panerus Prabu Tajimaléla nyaéta putra cikalna, Prabu Lembu Agung nu katelahna ogé Lembu Peteng Aji. Ku margi Prabu Lembu Agung téh sejana babakti janten Resi, teu lami diserahkeun kakuasaan karajaan ka raina, nyaéta Prabu Gajah Agung atanapi katelah ogé sabagé Prabu Pagulingan. Karaton ieu Sang Prabu kungsina di sisi walungan Cipeles, nu mana kiwari éta wewengkon kalandihan Ciguling-Kacamatan Sumedang Kidul.

Prabu Lembu Agung tilar dunya, dimakamkeun di Astana Gedé, Desa Cipaku, Kacamatan Darmaraja, kira-kira 500 meter ti makam aki jeung ninina, Prabu Guru Aji Putih jeung Nyi Mas Ratu Ratna Inten (Nyi Mas Dewi Nawangwulan). Sedengkeun Prabu Gajah Agung/ Prabu Pagulingan tilar dunya, dimakamkeun di Cicanting, ayeuna Desa Sukamenak, Kacamatan Darmaraja.

Teu réa kacaturkeun lumampahna Prabu Pagulingan di Karajaan Sumedang Larang, tatapi Anjeuna apuputra Ratnasih reujeung Merlaya.

Nyi Rajamantri & Sunan Guling

Ari nu jeneng Ratnasih téh nyaéta Nyi Rajamantri téa (garwana Sribaduga Maharaja/ Prabu Siliwang). Duméh Nyi Rajamantri dipigarwa ku Prabu Siliwangi, nya jenengna Ratu téh ngan sawatara waktu, nu ahirna disumerahkeun ka raina, nyaéta Merlaya téa nu katelahna Sunan Guling. Sunan Guling tilar dunya, dimakamkeun di Ciguling, Desa Pasanggrahan, Kecamatan Sumedang.

Sunan Patuakan

Satutasna Sunan Guling mingpin Karajaan Sumedang Larang, salajengna nu neraskeun téh putrana, nyaéta Tirta Kusuma, katelah ogé ku Sunan Patuakan. Sunan Patuakan dikurebkeun di Heubeul Isuk, Desa Cinanggerang

Nyimas Patuakan & Sunan Corénda

Teuna kacaturkeun lalampahana Sunan Patuakan, nanging kalumangsungan Karajaan Sumedang Larang téh diteraskeun ku raina ku ajeun, nyaéta Sintawati, katelah ogé ku Nyimas Patuakan. Ari Ratu Sintawati téh dipigarwa ku Sunan Corénda (kasauran sepuh mah Sunan Corénda téh Raja Talaga/ putrana Ratu Simbar Kancana ti Kusumalaya, ari Kusumalaya téh putrana Déwa Niskala nu Panguasa Galuh, hal ieu ngajadikeun Ratu Sintawati téh incu-minantuna Panguasa Galuh).

Ari Sunan Corénda migarwa ka dua istri, nyaéta Mayangsari Langlangbuana ti Karajaan Kuningan reujeung Sintawati ti Karajaan Sumedang Larang. Ti Sintawati ieu Sunan Corénda apuputra Setyasih nu salajengna katelah ku Ratu Pucuk Umum.

Ratu Pucuk Umum & Pangéran Santri

Ti mangsana kapangmimpinan Ratu Pucuk Umum/ Ratu Intan Déwata ieu di Karajaan Sumedang Larang mulana nyubebar agama Islam. Lantarana Ratu Pucuk Umum dipigarwa ku Ki Gedeng Sumedang nu katelah ku Pangéran Santri téa (putrana Pangéran Palakaran, incuna Pangéran Panjunan). Ratu Pucuk Umum lan Pangéran Santri dipaparin 6 putra, nu mana salah sawiosna nyaéta Radén Angkawijaya nu jaga jenengna téh Prabu Geusan Ulun.

Prabu Geusan Ulun

Dina taun 1579 (aya ogé nu nyebatkeun ping 08 Méi 1579), kacaturkeun Karajaan Pajajaran runtag nu diakibatkeun ku serangan wadya-balad gabungan Islam Banten, Pangkuwati lan Angka. Saacanna Raja Pajajaran Pamungkas, Prabu Suryakancana nyingkah ti Pakuan, Inyana ngutus opat Sénapatina nyaéta Jayaprakosa, Sanghyang Hawu, Térong Pétot reujeung Nagganan pikeun nyerahkeun amanat/ pakakas Karajaan Pajajaran ka Prabu Geusan Ulun sangkan Karajaan Sumedang Larang jadi panerus Karajaan Pajajaran. Dina runtagna Karajaan Pajajaran, teu sing nyéréd Karajaan Sumedang Larang jadi milu runtag. Anakitu téh, kapan Karajaan Sumedang Larang geusna ngagem Islam, jadi teu diperangan ku balad Islam gabungan tadi. Malihan, Karajaan Sumedang Larang jadi karajaan nu saweuteuhna/ teu muntang ka Pajajaran.

Prabu Geusan Ulun mangrupakeun raja panustungan Karajaan Sumedang Larang, karenana sabada kapangmingpinan Prabu Geusan Ulun, saterusna Sumedang Larang ayana dina tangtayungan Mataram.

Panerus Sumedang Larang

Taun 1620

Nu kacaturkeun sabagé panerus Karajaan Sumedang Larang, nyaéta Pangéran Aria Suradiwangsa (Rangga Gempol I), Anjeuna téh putra téré Prabu Geusan Ulun ti Ratu Harisbaya. Anjeuna nu nyumerahkeun Sumedang Larang ka Mataram, nu mana ti saprak harita Sumedang Larang kalandih ku “Priangan” nu hartina “Sumerah Kalayan Manah Nu Suci”. Kukituna ayana Sumedang Larang ngan saukur jadi Bupati-Wadana. Dina sakitaran taun 1624, Rangga Gempol I diparéntahkeun ku Sultan Agung (Mataram) pikeun naklukeun Sampang (Madura). Teu kacaturkeun kumaha ahirna Rangga Gempol I nyorang ieu pancén ti Mataram téh.

Taun 1624

Samiangna ka Sampang, Rangga Gempol I, masrahkeun kakuasaan Sumedang ka rai, nyaéta Pangéran Dipati Rangga Gedé (Rangga Gempol II). Kusabab sabagian ti pasukan Sumedang keurna tugas ka Sampang téa, pasna aya serangan ti Bantén , nya Sumedang téh kadeseh nu mana ngabalukarkeun Rangga Gempol II meunang hukuman ti Sultan Agung pédah teu bisa ngajaga wewengkonna. Kukituna Rangga Gempol II ditahan dibawa ka Mataram. Dina sawatara waktu Rangga Gempol II dihukum, Sultan Agung maréntahkeun Dipati Ukur (Bupati-Wadana ti Tatar Ukur/ Bandung ayeuna) pikeun nyelang mingpin Sumedang. Satutasna Rangga Gempol II ngajalanan hukuman. Anjeunna mingpin deui Sumedang dina kira taun 1632.

Taun 1681

Bupati-Wadan Sumedang Pangéran Rangga Gempol III Kusumahdinata anu katelah Pangéran Panembahan, mangrupakeun Bupati Sumedang Munggaran nu nentang Pamaréntahan VOC/Walanda. Inyana mibanda keresa pikeun merdika reujeung ngahijikeun deui wewengkon-wewengkon nu pernahna dikuasaan ku Pakuan-Pajajaran dina jamanna.

Taun 1705

Ping 05 Oktober 1705, Mataram nyumerahkeun panguasaan parahyangan kalebet sumedang ka VOC.

Taun 1811

Bupati-Wadana Pangéran Kusumahdinata IX anu katelahna Pangéran Kornél, kalawan tegés nentang naon nu diparéntahkeun ku Kompeni (VOC) pikeun gawé Rodi, nu harita VOC dipupuhuan ku Gupernur Jenderal H.W.Daendels. Gawé Rodi téh dimaksudkeun VOC keur mukakeun jalan (Anyér-Panarukan) pikeun ngangkut hasil pijaraheun VOC ti bangsa urang. Gawé Rodi ieu kacida nyangsarakeun rahayat nepikeun ka mangratus-ratus rahayat urang tiwas, kaayaan ieu nu kiwari ku urang katelah “Peristiwa Cadas Pangéran”.

Taun 1888

Bupati Pangéran Aria Suriaatmaja, anu katelah ogé ku Pangéran Mekah, kalawan tegés nembongkeun panalek ka Walanda pikeun ngamerdikakeun bangsa Indonesia/Nusantara. Panalek ieu kaunggel dina tulisan Anjeuna dina buku “Ditiung Méméh Hujan”, nu salahsawion unina :

“Dina jaman pajuangan kamerdikaan Indonesia di Jawa Barat, dina mangsa pasukan-pasukan Divisi Siliwangi Hijrah deui, persisna dina tanggal 11 April 1949, aya kajadian-kajadian pisajaraheun di Sumedang, di Kacamatan Buah Dua kitu ogé di Kacamatan Situarja, nyaéta patempurang ngalawan tangtara Walanda”.

Panutup

Di jaman kiwari, jamanna pangwangunan ngeusi kamerdikaan Indonesia, teu kaitung deui para putra Sumedang nyumebarkeun wawangi pikeun sarakanna ku cara sewang-sewangan. Ku kituna dicindekeun baé yén Sumedang sabagé Dayeuh nu nyimpen ajén sajarah bangsa teu sing mustahil jaga isuk pageto pibakaleun ngababarkeun sajarah-sajarah deui.

 


About this entry